B. Daerah

Pertanyaan

naon sababna dina sajak mindeng kapanggih basa anu murwakanti?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Murwakanti atawa purwakanti nyaeta padeukeutna sora antara dua atawa leuwih kecap. Dina sajak mindeng kapanggih basa anu murwakanti, sabab basa anu murwakanti teh mangrupa unsur anu bisa ngajadikeun hiji sajak jadi alus tur endah. Purwakanti atawa basa anu murwakanti mangrupa salahsahiji unsur anu perlu diperhatikeun dina waktu nyieun hiji sajak.

    Unsur-unsur salengkepna anu perlu diperhatikeun dina waktu nyieun hiji sajak nyaeta unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa. Jadi, purwakanti atawa basa anu murwakanti teh mangrupa salahsahiji bagean tina unsur pilihan kecap anu merenah tur endah dina waktu nyieun sajak.

Pertanyaan Lainnya