B. Daerah

Pertanyaan

patali jeung naon asupna pangaruh basa arab kana basa sunda teh?

1 Jawaban

  • Asupna pangaruh basa Arab kana basa Sunda teh nyaeta patali jeung agama Islam anu dianut ku urang Sunda. Salian ti basa Arab, basa Sunda oge meunang pangaruh tina basa-basa lianna, saperti basa Walanda, Inggris, Cina, Sangsakerta, Jawa jeung sajabana ti eta. Conto sawatara kecap-kecap nu aya dina basa Sunda anu asalna atawa kapangaruhan tina basa Arab, nyaeta saperti abdi, salawat, salat, zakat, pajar, miskin jeung sajabana ti eta.

    Dina basa Sunda aya sawatar kecap anu asalna tina basa Arab, anu dina basa Sunda digunakeun pikeun ngalemeskeun kecap-kecap anu geus aya jeung digunakeun, saperti abdi pikeun ngalemeskeun kecap kuring, wafat pikeun ngalemeskeun kecap paeh. Sabalikna, dina basa Sunda aya sawatara kecap anu asalna tina basa Arab tapi ku urang Sunda dianggap kasar, nepika kudu dilemeskeun ku basa Sunda, saperti maksud dilemeskeun ku kecap maksad, sunatan dilemeskeun ku kecap sepitan, waktu dilemeskeun ku kecap waktos, salat dilemeskeun ku kecap netepan, jeung sajabana ti eta.

Pertanyaan Lainnya