B. Daerah

Pertanyaan

Guguritan kagolong kana wangun puisi pek jelaskeun naon sababna

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Guguritan kagolong kana wangun puisi sabab wangun kekecapannana kaiket ku watesan padalisan atawa baris jeung pada atawa bait, saperti umumna hiji puisi. Salian ti eta, guguritan oge mangrupa wangun puisi nu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Umpama ditilik tina wangun rumpakana, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi nu kaiket ku aturan jeung puisi nu teu kaiket ku aturan.

    Conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan, nyaeta saperti guguritan, wawacan jeung sisindiran. Guguritan jeung wawacan kaiket ku aturan pupuh. Sedengkeun sisindiran kaiket ku aturan sisindiran. Conto puisi Sunda nu teu kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak, mantra, pupujian jeung kawih.

    Pupuh nu ngiket guguritan jeung wawacan teh miboga 17 rupa aturan atawa patokan anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta kelompok Sekar Ageung jeung kelompok Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa patokan pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa patokan pupuh.

    Pupuh biasana ditepikeun ku dihaleuangkeun atawa dinyanyikeun ku ngagunakeun sawatara tembang. Kusabab kitu pupuh sok disebut oge tembang. Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ku ngagunaeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ku ngan sarupa tembang. Guguritan biasa ngagunakeun pupuh Sekar Alit atawa Sekar Ageung. Sedengkeun wawacan biasa ngagunakeun pupuh Sekar Ageung wungkul.

Pertanyaan Lainnya