buatlah contoh pidato bahasa sunda bertema perpisahan yang bisa tolong bantu bikin ya.
B. Daerah
supriyadimuhadi
Pertanyaan
buatlah contoh pidato bahasa sunda bertema "perpisahan" yang bisa tolong bantu bikin ya.
1 Jawaban
-
1. Jawaban AchmadsiSucsess
Bismilaahirrohmanirrohim,
Assalaamualaikum wr. wb.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara aya pisanggem anukirang merenah, boh basana boh tatakramana.Bapa Kapala Sakola miwah Bapasareng Ibu Guru,Kitu deui sakumna réréncangan sakolasadaya anu dipikacinta.Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelasgenep/salapan/duabelas, tipayun mangga urang sasarengan nyanggakeunkeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinantaufik sareng hidayah-Na, dugi kadanget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.Solawat sinareng kasalametan mugiadilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.
Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakolasadaya anu dipikacinta,Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep/salapan/duabelas, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, tilu taun teu karaos sim kuring saparakancadiatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurnajasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén salami tilu tauntinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sarengpikakeuheuleun. Kumargi sakitu, simkuring saparakancaseja neda sihapuntenna tina samudayaning kalepatan.Kalih ti éta sim kuring saparakancaseja neda pidua ka bapa ibu guru supados tiasa neraskeun diajar kasakola nu langkungluhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola ti kelas tujuh dugi ka kelas dalapan , mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.Wabillahi taufik walhidayahWassalaamu alaikum wr. wb.